Lirik Lagu Desa Sukadamai
Sukadamai ngaguar muka carita
Rek ngaguar mimiti ngadegna desa
Tilu oktober tahun 2005
sagalana mimiti ayana desa
* Sukadamai dilingkung ku gunung-gunung
Alam asri endah pamandangan nana
Dilingkung ku genep kadusunan
Matak betah hirup akur sauyunan
Reff.
Sukadamai belah kidul wates desa Bojong
Sukadamai belah kaler wates desa Cicantayan
Sukadamai belah wetan wates desa Sirnaresmi
Sukadarnai belah kulon wates desa Hegarmanan
Tuh pasir citohet nambah kaendahan alam
Pasir kantong cukang nu jadi pangrojong
Cadas gantung aheng kersaning nu agung
Batu nemprak potensi sagala nyampak
Guha sarongge legenda nu kakoncara
Batu asepan lemah cai anu jadi pangharepan
Kembali Ke *